16 Agustus 2016

Kumpulan Peribahasa Sunda Berawalan Huruf L Lengkap Dengan Artinya



Kumpulan Peribahasa Sunda Berawalan Huruf L Lengkap Dengan Artinya
Bahasa Sunda



Labuh diuk tiba neundeut: Sarua salahna, sarua cilakana.
(Orang yang sama sama bersalahnya dan juga sama sama celakanya).


Lain bantrak bantrakeun: Lain tandinganeun, euweuh nu bisa nandingan.
(Tiada tanding, tak tertandingi atau tak ada yang bisa mengalahkan).

Lain kutulang munding kabereuyan mah, ku cucuk peda: Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
(Tidak selamanya masalah itu datang dari hal hal yang sangat besar sifatnya, namun hal hal kecil pun sebenarnya yang mengakibatkan masalah menjadi besar. Sekecil apapun masalah maka lama kelamaan akan menjadi besar).

Lalaki kembang kemangi: Lalaki nu teu mampu nyumponan kabutuhan rumah tangga.
(Seorang pria atau lelaki yang tidak mampu mencukupi kebutuhan rumah tangga atau kebutuhan materi keluarganya).

Lalaki langit lalanang jagat : Lalaki anu alus dedeganana.
(Seorang lelaki yang tampan dan juga gagah perkasa).

Langkung saur bahe carek: Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
(Orang yang mudah sekali menyakiti orang lain baik dengan perkataan atau tindakan).

Lantip budi: Jelma anu bisa maca kahayang batur.
(Orang yang mudah sekali mengerti orang lain, atau orang yang peka terhadap isi hati orang lain meski tidak bisa membicarakannya atau mengungkapkannya).

Legok tapak genteng kadek: Loba luangna, loba pangalamanana.
(Orang yang sudah banyak pengalamannya maka akan banyak pula pengetahuannya).

Lebeut buah hejo daun:Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
(Sedang beruntung atau sedang dalam banyak rizki).

Leuleus jeujeur liat tali:Pohara adilna dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana
(Orang yang bisa berfikir tanpa harus cepat cepat bertindak, biasanya orang seperti ini penuh pertimbangan terlebih dahulu sebelum bertindak).

Leumpang nurutkeun indung suku: Lalampahan euweuh tujuan.
(Orang yang berpergian namun tidak tahu arah dan tujuannya).

Loba catur tanpa bukur: Loba ngomong teu dibarengan ku tindakan.
(Orang yang banyak berbicara namun kenyataannya dalam bertindak tidak ada).

Landung kandungan laer aisan: Gede timbanganana, gede pangampurana.
(Mudah memaafkan)

Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan: pipilueun kana hiji kalakuan lantaran kabawakeun ku batur, lain kahayang sorangan nepi ka goreng katempona.
(ikut-ikutan orang lain, sehingga dipandang jelek)

Leutik burih: Euweuh kawani.
(Tidak punya keberanian)

Leutik cahak gede cohok: Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
(Pengeluaran lebih besar daripada pemasukan)

Leutik-leutik ngagalatik: Sanajan leutik awkna , henteu jangkung tur gede, tapi leber ku kawanen
(Meskipun tubuhnya kecil, tapi keberaniannya besar)

Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet: Hade gorengna pikiran jelema hese dikira-kira
(Baik buruk nya pikiran orang lai susah untuk ditebak)

Lieuk euweuh ragap taya: Teuing ku miskin nepi ka teu boga nanaon
(Miskin tidak punya apa-apa)

Loba teuing jaksa: Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan
(terlalu banyak yang menasehati sehingga membuat bingung orang yang dinasehati)

Lodong kosong ngalentrung: Loba omong, ari pangarti mah euweuh.
(Banyak bicara namun tidak punya pengetahuan)

Luhur kuta gede dunya: Gagah tur beunghar taya kakurangan
(Gagah, kaya, tidak pernah kekurangan)

Luncat mulang: Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu
(tidak dapat dipegang omongannya)

Lungguh tutut: Katenjona siga lungguh tapi saenya na mah henteu
(Terlihat seperti pendiam namun sebenarnya tidak)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar