Bahasa Sunda |
Indit sirib: Indit sarerea saeusi
imah
(pergi bersama-sama semua anggota
rumah).
Indung suku ge moal dibejaan: Niat
pageuh nyekel rusiah. Baraya landes ge moal dibejaan
(benar-benar menyimpan rahasia.
Tidak akan diberi tahu meskipun ke saudaranya sendiri)
Indung peuting: Mega anu sok
katembong ti peuting.
(awan yang terlihat di malam hari)
Inget inget poho: Inget tapi rada
samar-samar kana perkara nu geus kajadian baheula
(Ingat terhadap kejadian dahulu tapi
agak sedikit lupa)
Inggis batan maut hinis rempan batan
mesat gobang: Paur kacida matak risi kacida
(Sangat risih dan tidak nyaman).
Ipis biwir: babari ceurik
(Cengeng, mudah sekali menangis).
Ipis kulit beungeut: Eraan
(Pemalu sekali).
Iwak nangtang sujen: Neangan
picilikaeun atawa pibahayaeun.
(melakukan hal yang membahayakan)
Ieu aing: Angkuh, sombong, adigung
(Sombong)
Ilang along margahina: Kakurangan
(Kekurangan)
Ilang lebih tanpa karana: Leungit
teu puguh sababna
(Hilang tanpa sebab)
Indung tunggul rahayu, bapa catang
darajat: Kasalametan jeung kabagjaan nu jadi anak, gumantung kana karidoan
indung bapa
(Keselamatan dan kebahagiaan seorang
anak tergantung ridho orang tua)
Inggis batan maut hinis: Kacida
paurna
(Sangat ditakuti)
Inggis ku bisi rempan ku sugan: Sieun aya kajjadian nu
teu disangka-sangka
(Takut terjadi sesuatu yang tidak
disangka-sangka)
Ipis wiwirang: Kurang kaera
(Sedikit rasa malu)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar