07 Agustus 2016

Kumpulan Peribahasa Sunda Berawalan Huruf A Lengkap Dengan Artinya




Abong kena biwir teu diwengku: Ngomong sangeunahna, ngomong sakahayang maneh
(ngomong seenaknya sendiri).

Abong letah teu tulangan: Nyarita sangeunahna teu dipikiran heula akibatna
(Berbicara seenaknya tanpa memikirkan akibatnya).


Adat kakurung ku iga: Adat lamun geus goreng sok hese dirobahna
(Sifat atau tabiat seseorang yang sulit untuk dirubah).

Adean ku kuda beureum: Katembong ginding, ku barang meunang nginjeum
(Bergaya atau sombong dengan barang pinjaman dari orang lain).

Adigung adiguna: Boga rasa leuwih ti batur
(Sombong)

Adu regeng: Sataker tanaga
(mengeluarkan seluruh tenaganya).

Adu telu ampar tiga :Kudu papaitan
(perkara yang sedang diselesaikan).

Agul ku payung butut: Tumerep ka jalma nu taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula
(Membanggakan keturunannya sendiri).

Ajak jawa: Ngajak tamba henteu, ngajak tamba henteu
(mengajak atau menawarkan sesuatu dengan tidak sepenuh hati atau hanya basa-basi).

Ajrihing gawe: Ulah ngalampahkeun gawe goreng bisi ahirna kabendon
(pemalas atau orang yang tidak mau bekerja).

Aki-aki tujuh mulud: Geus kolot kacida
(Laki-laki tua renta).

Aku-aku angga: Ngaku banda sorangan padahal nu diakuna banda batur (Mengaku barang milik sendiri padahal barang milik orang lain).

Alak-alak cumantaka: Jelma pangkat handap hayang nyaruaan pangkat luhur
(menginginkan pujian karena merasa paling unggul).

Alang-alang kumapalang: Pagawean kudu dianggeuskeun ulah dikagok-kagok
(suatu pekerjaan itu harus diselesaikan tepat pada waktunya jangan ditunda-tunda).

Alak paul: Jauh kacida
(Sangat jauh).

Alon-alon asal kalakon: Kajeun alon dina sagala hal asal nguntungakeun ahirna ti batan gancang pincang, kendor dapon ngagembol
(meskipun perlahan tapi asal dikerjakan maka akan selesai juga atau terlaksana).


Alus panggung: Hade dedeg pangadegan
(Tampan dan rupawan).

Amarah sakulit bawang: Babari ambek
(suka marah-marah atau mudah marah).

Ambek nyedek tanaga midek: Ambek teu kaluar
(Marah namun tidak berani untuk melawan atau dipendam amarahnya).

Ambek sadu santa budi: Ambek tara terus jeung hate, budina tetep marahmay
(Marah tapi tidak dengan hati, sikapnya tetap ramah).

Amis budi: Suranyeh, mindeng imut
(Sangat ramah, santun dan murah senyum).

Amis daging: Babari pisan katerap kasakit kulit
(Mudah terkena penyakit kulit dan sangat sulit untuk disembuhkan).

Anak merak kekuncungan: Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung bapana
(Segala perbuatan buruk karena mencontoh perbuatan orang tuanya).

Angeun sapariuk karagragan tai beurit hiji: Kagorengan lantaran ti saurang, tungtungna jadi mawa goreng ka sarerea
(kejelekan dari satu orang akibatnya seluruh keluarga ikut dipandang jelek pula).

Apal cangkem: Apal pisan
(Hafal di luar kepala)

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed: Najan umur geus kolot kahayang kawas nu ngora bae
(meskipun umur sudah tua namun tingkah laku atau kemauan seperti anak muda).

Asa aing uyah kidul: Boga rasa leuwih ti batur
(merasa paling unggul segalanya dibandingkan yang lainnya).

Asa bucat bisul: Ngarasa lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean nu kacida beurat
(merasa lega setelah mengerjakan pekerjaan yang amat berat).

Asa ditonjok congot: Bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka
(gembira mendapatkan rizki yang tidak disangka-sangka).

Asa kabur pangacian: Reuwas kacida, nepi ka teu puguh cabak
(terkejut tidak dapat berkata-kata).

Asa potong leungeun katuhu: Leungiteun jelma nu kacida dipikabutuhna
(kehilangan orang yang sangat dipercaya).

Asa rawing daun ceuli: Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah
(sudah biasa mendapapatkan omongan yang tidak enak didengar).

Asak pikir: Pikir heula bener-bener
(dipikirkan lagi matang-matang).

Asak rampa: Memeh prak dipigawe dipikir heula jero-jero
(sebelum melakukan pekerjaan sebaiknya dipikiran dulu matang-matang).

Asak warah: Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah
(didikannya bagus, ucapan dan tingkah lakunya bagus).

Awet rajet: Dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi loba pacengkadanana
(rumah tangga yang awet meskipun selalu dapat perselisihan).

Aya jalan komo meuntas: Aya cukang lantaran pikeun ngalaksanakeun pamaksudan
(Ada jalan untuk menyelesaikan suatu pekerjaan atau sebuah tujuan).

Aya nu dianjing cai: Aya nu dipikahayang atawa diheroan
(ada sesuatu yang ingin di capai)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar