11 Agustus 2016

Kumpulan Peribahasa Sunda Berawalan Huruf G Lengkap Dengan Artinya


Kumpulan Peribahasa Sunda Berawalan Huruf G Lengkap Dengan Artinya
Bahasa Sunda



Galak sinongnong: Lalaki (bujang) nu karara aya sir ka awewe tapi can wani adu hareupan
(Lelaki muda yang suka pada wanita namun belum berani untuk berhadapan).

Galak timburu: Babari timburuan
(Cemburuan).

Gancang Pincang: Dipigawe gancang anggeus tapi hasilna kurang nyugemakeun
(pekerjaan yang diselesaikan dengan tapi hasilnya kurang bagus).

Gantung denge: Ngarasa hanjelu sabab hayang keneh ngadengekeun tapi kaburu anggeus manten
(merasa kecewa dengan hal yang sedang asyik didengarkan namun telah usai).

Gede hulu: Adigung
(Sombong).

Geletuk batuna kecebur caina: Kumaha behna bae, kumaha engke
(gimana nanti saja).


Getas harupateun: babari ambek
(mudah marah).

Gindi pikir belang bayah: Teu setia satuhu
(Tidak setia).

Goreng peujit: Goreng hate
(Dengki).

Gugon Tuhon: Kukuh pengkuh boh ka dunungan atawa kana adat kabiasaan jeung kapercayaan
(Taat atau teguh pendirian terhadap adat kepercayaan).

Gunung Kapitan sela: Budak awewe nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji, sabalikna tina sela kapitan gunung.
(anak perempuan yang mempunyai satu kakak lelaki dan satu adik lelaki)

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi: Taya wates wangenna, euweuh tungtungna
(tidak ada ujungnya).

Gurat batu: Carek kudu kitu teh kudu kitu bae teu beunang dirobah
(teguh pendirian).

Gurat cai: Babari ngarobah omongan, jangji nu geus diucapkeun cidera jangji
(Tidak bisa dipegang janjinya atau omongannya).

Guru ratu wong tua karo: Guru, raja jeung kolot wajib dihormat jeung diturut parentahna
(Guru atau orang tua harus dituruti perintahnya).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar